Tembang Cianjuran [3]

Sabenerna istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu polana pupuh (tembang), lemesna tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku cara ditembangkeun. Buku wawacan nu migunakeun aturan pupuh ieu aya nu dilagukeun ku téhnik rancag jeung téhnik beluk.

Tembang Cianjuran [2]

Mamaos téh dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nyaéta ayana kacapi katut cara maénkeunana. Lalaguanana ogé ampir sakabéhna tina carita pantun, di antarana carita Pantun Mundinglaya Dikusumah. 

Tembang Cianjuran [1]

Tembang Cianjuran mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. 

Jaipongan [4]

Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. 

Jaipongan [3]

Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. 

Tari Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah,

Jaipongan [2]

Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). 

Jaipongan [1]

Jaipongan nyaeta hiji wanda seni tari nu lahir tina kreativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira.
 
Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nyaeta ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. 

Rampak kendang

Rampak kendang nyaeta salasahiji kreasi musik tradisional nu dimaenkeun babarengan ku duaan tepi ka puluhan pamaen. Kendang ditabeuh babarengan luyu jeung musik nu dimaenkeun. Tabeuhanana boga efek sora nu keras nu ngondang perhatian para panongton.

Pupuh

Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.
 
Pupuh aya tujuh welas rupa:

Kuda rénggong [2]

Tatabeuhanana mangrupa kendang badag, goong, tarompet, genjring atawa terbang gede atawa dulag, malahan sok dibarengan ku sinden sarta nu ngaribing, lalaki jeung awéwé. Arak-arakan kasebut leumpang nurutkeun arah anu geus ditangtukeun saméméhna.

Kuda rénggong [1]

Kuda rénggong atawa kuda dépok nyaeta salah sahiji jenis kasenian helaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka sarta Karawang.

Cara midangkeunnana nyaéta, hiji kuda atawa leuwih dihias warna-warni, budak sunat ditaékkeun ka luhur tonggong kuda kasebut, budak sunat kasebut dihias kawas Raja atawa Satria, bisa ogé nurun pakéan para Dalem baheula, maké bendo,

Gending karesmén

Gending karesmén nyaéta pagelaran drama anu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun, dibarengan gerak ibing, dipirig ku tatabeuhan.

Dina kamekaran kiwari, teu saeutik gending karesmén anu geus direkam kana kasét, upamana waé ”Gending Karesmén Lutung Kasarung” (mangrupa hiji carita pantun nu kaasup pangkolotna, oge kaasup carita pantun anu disakralkeun.

Burokan [2]


Pintonan Burokan biasana dipaké dina sababaraha kariaan, kayaning hajat khataman, sunatan, kawin, marhabaan, jsb. Prakna biasa lumangsung ti isuk-isuk ngurilingan kampung sabudeureun tempat kariaan. Ari badawang lian ti Buroq, di antarana aya bonéka gajah, macan, jld, nu saméméhna geus disadiakeun sasajén lengkep salaku saratna. Lajeng lulugu rombongan mariksa sadaya kalengkepan pintonan bari maca do'a. 

Burokan [1]


Burokan mangrupakeun seni helaran nu populér pisan di Cirebon. Ceuk para senimanna (utamana di Désa Pakusamben, Kacamatan Babakan, Kabupatén Cirebon), burokan ieu mimiti aya kira taun 1934, nalika saurang warga Désa Kalimaro, Kacamatan Babakan, nu ngaranna Kalil nyieun hiji kréasi anyar seni Badawang (bonéka baradag) nyaéta mangrupa Kuda Hiber Buroq. 

Bangréng

Bangréng nyaéta pangembangan tina seni "Terbang" sarta "Ronggéng". Seni terbang éta sorangan mangrupa kasenian anu ngagunakeun "terbang", nyaéta sarupaning rebana tapi badagna tilu kalieun tina pakakas rebana.

Budaya Sunda [2]

Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe Polinésia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha.

budaya sunda [1]


Budaya Sunda nyaéta budaya nu dipimilik ku urang (séké sélér) Sunda. Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya séké sélér tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.