budaya sunda [1]


Budaya Sunda nyaéta budaya nu dipimilik ku urang (séké sélér) Sunda. Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya séké sélér tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.

Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu, misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina "Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna".

nu hartina,
"Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".

Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). 


Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
Bukti-bukti sajarah nu geus kagali ngeunaan ageman urang Sunda baheula bisa ditapsirkeun tina sababaraha naskah:* Séwaka Darma * Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian Kahirupan jaman harita raket pisan pakaitna jeung kapercayaan tur kagiatan kaagamaan. Agama anu dianut nyoko kana ajaran agama Hindu jeung agama Buda anu asalna ti India. Eta dua agama asup ka Tatar Sunda ti jaman karajaan Tarumanagara keneh. 

Bukti-bukti anu kapanggih ngeunaan eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut, candi Batujaya jeung Cibuaya di Karawang, patung Buda di Talaga (Majalengka), arca Siwa di Kendan (Bandung). Sok sanajan kitu, dibandingkeun jeung pangaruh agama Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa (Mataram, Kediri, Singasari, Majapahit), pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda kaasup leutik pisan.