Budaya Sunda [2]

Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe Polinésia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha.
Dina ieu hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan sanggeus nyawa ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun diri boh keur salila kumelendang di ieu dunya boh keur hirup jaga di aherat.

Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna sahandapeun sanghyang. Jadi, sanghyang minangka unsur kakawasaan anu pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam sagemblengna. Sanghiyang ngatur sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel kakawasaan di jagat raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar alam dunya ieu. Kahiyangan teh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan kahirupan dunya.

Asup ka alam Kahyangan katut hirup ngahiji sareng Hyang sabada nyawa ninggalkeun raga mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya nyampak kabagjaan abadi. Eta panyileukan bisa kahontal, upama manusa salila hirupna di alam dunya ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba nyieun kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu jeung pancen hirupna.

Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya) jeung di alam kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu dilakonan salila hirupna di alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe nurutkeun kaahlian jeung pagawean masing-masing. Lamun tapana hade tur daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih kasalametan jeung kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge bakal tinemu jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di aherat.

Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.

Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan. Aksara Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.

Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti dipakéna aksara Latin.

Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal awal abad ka-20.

Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna Baruang ka nu Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh. Ambri, jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).