Kuda rénggong [1]

Kuda rénggong atawa kuda dépok nyaeta salah sahiji jenis kasenian helaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka sarta Karawang.

Cara midangkeunnana nyaéta, hiji kuda atawa leuwih dihias warna-warni, budak sunat ditaékkeun ka luhur tonggong kuda kasebut, budak sunat kasebut dihias kawas Raja atawa Satria, bisa ogé nurun pakéan para Dalem baheula, maké bendo,
takwa jeung maké lawon (nyaéta bahan (matérial) anu dijieun tina anyaman benang, boh benang alam atawa benang buatan) sarta selop.

Di hareupeun rombongan Kuda Renggong aya saurang Pelatuk, nyaéta saiah saurang pamaén Kuda Renggong, anu metak minangka panunjuk jalan sarta pupuhu koordinator iring-iringan kasebut.