Gending karesmén

Gending karesmén nyaéta pagelaran drama anu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun, dibarengan gerak ibing, dipirig ku tatabeuhan.

Dina kamekaran kiwari, teu saeutik gending karesmén anu geus direkam kana kasét, upamana waé ”Gending Karesmén Lutung Kasarung” (mangrupa hiji carita pantun nu kaasup pangkolotna, oge kaasup carita pantun anu disakralkeun.


Henteu sadayana juru pantun tiasa mantunkeun ieu carita. Ieu carita kungsi di film keun dina taun 70 an) beunang Sayudi.

Upama rék mintonkeun éta gending karesmén, kasét téh kari diputer, tuluy baé dipagelarkeun. Tangtu baé dina pintonan anu ngan ukur nunutur sora kasét mah, palakuna teu kudu ngapalkeun dialog anu ditembangkeun atawa dikawihkeun tea. Paling-paling pepeta, némbongkeun ékspresi beungeut, jeung blocking (pundah-pindah tempat, jeung sajabana).