Sabenerna istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu
polana pupuh (tembang), lemesna tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku
cara ditembangkeun. Buku wawacan nu migunakeun aturan pupuh ieu aya nu
dilagukeun ku téhnik rancag jeung téhnik beluk.
Lagu-lagu mamaos larasna pelog (degung), sorog (nyorog,
madenda), saléndro, jeung mandalungan. Dumasar kana asal jeung watek laguna,
mamaos digolongkeun kana sababaraha wanda: papantunan, jejemplangan,
dedegungan, jeung rarancagan. Kiwari, aya ogé tambahan jenis kakawén jeung
panambih salaku wanda nu mandiri. Lagu-lagu mamaos tina jenis tembang lolobana
migunakeun pola pupuh kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula, jeung
sababaraha pupuh lianna.
Lagu-lagu dina wanda papantunan di antarana Papatat,
Rajamantri, Mupu Kembang, Randegan, Randegan Kendor, Kaléon, Manyeuseup,
Balagenyat, Putri Layar, Pangapungan, Rajah, Gelang Gading, Candrawulan, jsb.,
sedengkeun dina wanda jejemplangan di antarana Jemplang Pangantén, Jemplang
Cidadap, Jemplang Leumpang, Jemplang Titi, Jemplang Pamirig, jsb. Wanda
dedegungan di antarana Sinom Degung, Asmarandana Degung, Durma Degung,
Dangdanggula Degung, Rumangsang Degung, Panangis Degung, jsb. Wanda rarancagan
di antarana Manangis, Bayubud, Sinom Polos, Kentar Cisaat, Kentar Ajun, Sinom
Liwung, Asmarandana Rancag, Setra, Satria, Kulu-kulu Barat, Udan Mas, Udan
Iris, Dangdanggula Pancaniti, Garutan, Porbalinggo, Erang Barong, jsb. Wanda
kakawén di antarana Sebrakan Sapuratina, Sebrakan Pelog, Toya Mijil, Kayu
Agung, jsb. Wanda panambih di antarana Budak Ceurik, Toropongan, Kulu-kulu
Gandrung Gunung, Rénggong Gedé, Panyileukan, Selabintana, Soropongan, jsb.
Tina awalna nu mangrupa tembang hiburan alat silaturahmi di
antara para ménak, mamaos kiwari geus jadi seni hiburan komersil sakumaha
kasenian umumna, dipintonkeun dina rupa-rupa acara, sarta asup ka studio
rékaman.