Tembang Cianjuran [2]

Mamaos téh dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nyaéta ayana kacapi katut cara maénkeunana. Lalaguanana ogé ampir sakabéhna tina carita pantun, di antarana carita Pantun Mundinglaya Dikusumah. 


Lajeng, ieu seni soara téh mekar ogé migunakeun beluk (mamaca), degung, sarta tembang macapat Jawa: pupuh. Lagu-lagu mamaos nu dicokot tina seni pantun disebutna lagu pantun atawa papantunan, atau disebut ogé lagu Pajajaran, dicokot tina ngaran karaton Sunda di Bogor bihari. 

Lagu-lagu nu asalna tina bahan pupuh disebut tembang, nu duanana nurut kana aturan rumpaka. Ka dieunakeun, aturan nyieun rumpakana jadi leuwih bébas, bisa nyampur.

Dina mangsa pamaréntahan bupati RAA Prawiradireja II (1864—1910), mamaos sumebar ka wewengkon lianna, nu utamana diluluguan ku Rd. Écé Majid Natawireja (1853—1928). Anjeunna sering diulem ngawulang mamaos ka kabupatén-kabupatén di Priangan, di antarana ku bupati Bandung RAA Martanagara (1893—1918) jeung RAA Wiranatakusumah (1920—1931 & 1935—1942). 
Nalika ieu mamaos sumebar ka wewengkon séjén, lajeng ieu seni soara téh jadi katelah tembang Cianjuran. Kitu ogé nalika radio NIROM Bandung taun 1930-an nyiarkeun ieu kasenian, disebutna téh tembang Cianjuran.