Tembang Cianjuran [1]

Tembang Cianjuran mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. 


Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.
.
Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur RAA Kusumaningrat (1834—1864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna katelah Kangjeng Pancaniti.

Mimitina, mamaos ditembangkeun ku lalaki, sarta kakara ilahar diteuleuman ku wanoja kira parapat abad ka-20. Ti harita, mimiti panembang wanoja pating pucunghul, kayaning Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu O’oh, Ibu Resna, jeung Nyi Mas Saodah.