Rampak kendang

Rampak kendang nyaeta salasahiji kreasi musik tradisional nu dimaenkeun babarengan ku duaan tepi ka puluhan pamaen. Kendang ditabeuh babarengan luyu jeung musik nu dimaenkeun. Tabeuhanana boga efek sora nu keras nu ngondang perhatian para panongton.

Dina rampak kendang, waditrana henteu ngan kendang wungkul, tapi bisa divariasikeun jeung pakakas-pakakas séjénna, kawas: pakakas gamelan, rebab, gitar, dlsb.

Dina maenkeunana, bisa ngadeg sorangan, hartina tina rampak kendang éta bisa nyieun lantunan lagu sorangan, atawa minangka pangiring tina hiji tari jaipongan.

Dina seni pintonan, seni rampak kendang geus ditarima minangka salah sahiji seni kreasi sarta geus dipintonkeun dina acara-acara resmi, boh di lingkup Pamaréntahan, sumawonna swasta boh balaréa umum.