Burokan [1]


Burokan mangrupakeun seni helaran nu populér pisan di Cirebon. Ceuk para senimanna (utamana di Désa Pakusamben, Kacamatan Babakan, Kabupatén Cirebon), burokan ieu mimiti aya kira taun 1934, nalika saurang warga Désa Kalimaro, Kacamatan Babakan, nu ngaranna Kalil nyieun hiji kréasi anyar seni Badawang (bonéka baradag) nyaéta mangrupa Kuda Hiber Buroq. 


Ceuk cenah kitu téh dumasar carita rayat di masarakat Islam ngeunaan lalampahan Isro Mi’roj Nabi Muhammad s.a.w. ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha kalawan tunggang sato kawas kuda jangjangan nu disebut Buroq. Di sagigireun éta, tina sababaraha kasaksian urang Cirebon, Buroq ieu téh mindeng kapanggih ogé dina rupa lukisan kaca di sababaraha wangunan di Cirebon. Lukisan kaca ieu mangrupa kuda sembrani (jangjangan, bandingkeun jeung pégasus na mitologi Kulon) nu beungeutna putri geulis cahayaan. Jadi, urang Cirebon geus teu ahéng dina masalah dedegan Buroq mah. Kalil kalawan motékar lajeng nyiptakeun Badawang anyar nu dingaranan Buroq, sedengkeun kasenianana dingaranan seni Genjring Buroq.

Parabot pintonan nu dipaké di antarana sapasang bonéka buroq nu biasa dimaénkeun ku opat urang (dua di hareup, dua di tukang), sababaraha bonéka (badawang) bentuk sato: gajah, monyét, macan, kuda, jeung mindeng ogé diramékeun ku badut.

Alat musik nu ngiringkeun Burokan biasana aya sababaraha rupa: tilu dogdog (badag, sedeng, leutik), opat genjring, hiji simbal, organ, gitar, gitar melodi, kromong, suling, jeung kecrék. Laguna dibawakeun ku penyanyi lalaki jeung wanoja, kalan-kalan giliran gumantung kana laguna.